Thursday, August 2, 2012

Mang Darman

mang darman urang sadang serang
geus tujuh taun dagang jeruk ditanggung
teu tangtu dimana mangkalna, nu pentingmah asal rame weh tempatna

lamun kudu nyaritamah nya tangtu cape
nanggung jeruk unggal poe indit isuk balik sore
bari bati teu sapira, ngan nya kudu dikumaha? da ngan sakitu kanyataanana

komo deui mang darman teh boga anak nu masih di SMA keneh
kaperluananateh loba kacida da geuning ayeunamah sakola teh sagala duit waduk
ongkoh wajib belajar, nya wajib mah tinggal wajib
tapi ari keur nu sangsaramah anggeur we sesek nafas

kungsi hiji waktu budakna mang darman teu meunang asup sakola
kulantaran tilu bulan ncan mayar SPP
mang darman bati ngahelas
da rek kumaha deui puguh hirup sakitu-kituna
komo apan dagang jerukmah teu tangtu hayang beak satanggunganteh
bisa sapoe bisa sabulan

nya kusabab eweuh deui jalan, nya kapaksa mang darman nginjeum
nginjeumna ka saha deui mun lain ka tukang rentenir da puguh ari tatangganamah sarua wae
imah nu ngan sagede kandang monyet teh suratna dijadikeu jaminan
lamun waktu malikeun leuwihna teh ditangtukeun sakitu persen na
da geus puguh tukang rentenir mah ti baheula ge leuwih edan tibatan ucing garong
leuwih edan tibatan ucing garong

karunya teuing mang darman
eukeurmah hirup kapencet, aya nu nambah ngagencet
uyuhan teu pejet, tapi aya hikmahnamah anggeur

tisaprak boga hutang mang darman beuki getol kana dagangna
unggal poe udar ider susuganan jeruk teh beak
aya bati rada leuwih rek dipake nyicil utang

tapi dasar jalma mun keur sial sagala ge matak owal
keur nagog di hiji jalan, jeruk acan payu2 acan
burunyul rombongan satpol pp
mang darman katewak tuluy tanggunganana diangkut kana truk
mang darman bati gogodeg basa nampa kaputusan yen tanggungan jeung jerukna kudu ditebus sakitueun. wereuh

opat poe ti harita mang darman niat rek nebus
da kabeneran aya duit sisa panginjeuman ti ucing garong tea
sing horeng geuning sing horeng tinggal tanggunganana
jerukna teuing kamana, duka dilegleg ku saha

eugh mang darman, tong kaget mang darman
hirupmah pinuh ku deudeuh
mun keur seuri cape seuri, mun keur ceurik cape ceurik
tog kaget mang darman, bangsa urangmah rea nu aneh
kahandap ngagalaksak, kaluhur leletah
kahandap teu napak, kaluhur teu kahontal
tong pipilueun urangmah mang darman, bae da dodojamah biasa
ceuk kolot2 urang tea mah hirup pinuh dodoja teh lir ibarat leumpang nanya
engke pas nepi ka puncak sok manggih pamandangan endah, pan kitu?
:D

No comments: